seehoonks
Aug 10 2008, 09:33 AM
tipayun simkuring nyuhunkeun hapunten ka sadaya jajaran admin, moderator, senior margi simkuring tos lancang ngadamel thread ieu
punten pami thread sarupi tos aya, di tutup wae, margi nembe ningalian dugi ka halaman tilu asa ta can aya kitu

sok atuh ah ka sadaya mojang sareng jajaka anu asli ti kota santri Tasik ngumpul didieu. boh urang kota-na atanapi urang Kabupaten-na.
ngawitan ti simkuring, simkuring linggih di Cipasung, Kacamatan Singaparna. asli urang Kabupaten simkuring mah
mangga dilajengkeun

ka sadayana nu hoyong terang langkung jero ngeunaan Kab. atanapi Kota Tasikmalaya mah tiasa ameng ka website resmina
http://www.tasikmalayakab.go.id kanggo Kabupaten sareng
http://www.tasikmalayakota.go.id kanggo Kota na.
ieu fs na
http://profiles.friendster.com/sukapura add nya urangtasikmalaya@yahoo.co.uk
eiger
Aug 11 2008, 12:42 AM
ti cipasung kang ?

kenal ka kang Acep Zamzam Noor atuh ?

pami ka kang Idam kenal ?

kaleresan abdi teh rerencangan akrab kang idam

pami abdi mah kawit ti ciamis
seehoonks
Aug 11 2008, 10:03 AM
QUOTE (eiger @ Aug 11 2008, 12:42 AM)

ti cipasung kang ?

kenal ka kang Acep Zamzam Noor atuh ?

pami ka kang Idam kenal ?

kaleresan abdi teh rerencangan akrab kang idam

pami abdi mah kawit ti ciamis

leres kang simkuring ti cipasung
atuh wanoh pisan ka Kang Acep mah, tatanggi, heuleut 5 bumi ti rorompok simkuring, masih keneh katali wargi jeung anjeun na mah didieu teh

ngan duka Kang Acep na mah wanoheun ka kuring tanapi henteu, maenya we henteu mah

kang Idam mana nya?? linggih ti cipasung oge eta kang Idam teh??
gening ti ciamis, anak buah Kang Godi suwarna pangintennya
salam kenal kang ti simkuring
Jeep4x4
Aug 11 2008, 10:09 PM
abdi ciamis juga....kuring caket hotel (maksudnya punya mantan neng geulis dari ciamis)
salam kenal kanggo sadayana nu aya didieu..nuhun...
seehoonks
Aug 23 2008, 10:41 PM
sepi geningnya

naha urang tasikna teu ayaan pisan ieu teh kitu?
benne
Aug 26 2008, 06:54 PM

nepangkeun ach! asli abdi ti Cikatomas-tasik kab

ayeuna nuju linggih di batam..
Illusion
Sep 6 2008, 12:03 AM
nepangkeun sim kirung aeh...sim kuring ti rajapolah!!!!
eta nu seueur karajinan..........bilih peryogi mah nyarios we ka aang.....meserna mah mangga we nyalira
ku margi sim kuring nuju di bandung,,,,,biyasa ngala elmu!!!!
andi susandi
Sep 7 2008, 09:45 PM
saha nu urang gunung cupu? abdi nuju aya di lampung,,,
joe30wae
Sep 17 2008, 01:40 AM
siappppp hadir . . . .
kenalkeun abdi asli ti SINGAPARNA yeuhhhh . . .
mung tos lami abdi calik di banten . . . . .
salam kenal ka sadayana , , , khusus na ka urang tasikmalaya . . . .
seehoonks
Sep 20 2008, 03:27 PM
duh, tos lami teu kadieu, gening tos nambihan penghuni na

salam kenal wae ka sadayana
reva6969
Nov 19 2008, 06:48 PM
kaula ti Cineam,,, aya nu unina? Kota salak gening,, 20 KM ti mesjid agung
QUOTE (andi susandi @ Sep 7 2008, 09:45 PM)

saha nu urang gunung cupu? abdi nuju aya di lampung,,,
tah gening abdi mah ka gunung cupu teh ngadon tapa he.....
ries76
Nov 19 2008, 11:47 PM
nepangkeun ka sadayana.. Abdi ti karangnungal tasikmalaya, nepangkeun ka sadayana...
shinra
Dec 1 2008, 09:15 PM
aduh simkuring ngiringan icikibrung yeuh
ngenalkeun simkuring ti raja_polah hehe kota kerajinan nembean yeuh nepangken ka dulur2 sadayana sok atuh geura nama simkuring aceng ti cikalapa condong jamanis ayenamah jamanis kapungkurmah rajapolah
sakitu kenalan ti simkuring :-)
rasta_asik
Dec 4 2008, 10:00 PM
Alhamdulillah atuh kango orang tasik tos aya forum di BF muga-muga weh sing ageung mamfa'at na. nepangkeun ah ka balarea dulur2 kuring ti daerah taraju ngan nuju aya di ibu kota ngarantau, ngan kuring di asuh ku cipasung. hatur nuhun kabalarea dulur2
meong congkok
Dec 4 2008, 10:08 PM
Punten, ikutan dah... ti cisayong yeuh
rasta_asik
Dec 8 2008, 02:48 AM
eiger
Dec 8 2008, 07:43 AM
euleuh..euleuh.. geuningan seueur oge baraya ti tasik nya ?

iraha atuh mudik sareng ?
reva6969
Dec 23 2008, 07:55 AM
taun baru dimarana yeuh? sakali-kali urang ngumpul atuh di kota, tiasa Mayasari Plaza ataw Asia Plaza, kan tos gaduh mol ayeuna mah he'
individu ini
Dec 27 2008, 01:51 AM
reva6969 Cineamna belah mana? Wawuh ka si Arif teu, alumni SMA 3 Tasikmalaya 2006, urang Ciampanan mun teu salah. Jelemana rada jangkung gede, gondrong, janggotan, ayeuna kuliah di filsafat UGM?
Aeh, jadi hilap bade nepangkeun. Newbie yeuh

Cicurug-Pertamina, Hadir!!
reva6969
Dec 27 2008, 08:26 AM
rada jauh saeutik ti terminal cineam, apal atuh babaturan éta mah, naha apal ka si arif? babaturan SMA?
eseck_imoet
Mar 20 2009, 07:54 AM
salam kenal yeuh kangge sadayana dulur-dulur ti tasik.....
sim kuring ti mangkubumi......
iraha atuh urang ngayakeun gathering? ngarah langkung kenal......
reva6969
Mar 20 2009, 08:39 PM
QUOTE (eseck_imoet @ Mar 20 2009, 07:54 AM)

salam kenal yeuh kangge sadayana dulur-dulur ti tasik.....
sim kuring ti mangkubumi......
iraha atuh urang ngayakeun gathering? ngarah langkung kenal......
palih manaeun kolam renang? hayu atuh ah sok cik dimana tempat kumpul nu enak?
seehoonks
Mar 29 2009, 10:56 PM
aduh mani lawas tilawas teu kadieu deui

punten ah simkuring salaku TS sanes ngantep ka ieu tret....janten pengacara mah kieu eum, hese rek onlen oge hehehe
haturan salam we ka sadayana, nguping2 aya rencana gath yeuh....
dasenk
Apr 5 2009, 02:27 PM
Assalamualaikum
cik dasenk made in citapen (pabrik es) rada nyelepet ah didieu
aya tatangga dasenk teu nya di dieu
ka akang2,,teteh2 pang nuyun keun ieu budak di forum nya....
mun bangor mah jiwir weh lah
hatur nuhun ah
BASOEN
Apr 27 2009, 03:26 PM
nepengkeun...putra pucuk ibun....posisi...aya...diluar pulau yech...............
sampuransun ke sadayana.................
harrysusanto
May 10 2009, 07:50 PM
abdi ge linggih di DOKAR tasikmalaya
rasta_asik
May 11 2009, 10:33 PM
Kedah aya teupang na atuh akang sadayana meh saling kenal na langkung akrab
SALAM KA MAHASISWA IAIC SYARI'AH
dasenk
Jun 5 2009, 07:47 PM
sepi ish tasik teh gning nya
cavalry7
Aug 23 2009, 03:17 AM
abda mah urang bandung tapi sataun di manonjaya d miftahulhuda
mie_baso
Sep 23 2009, 02:38 PM
wah aya si seahonk oge di die
koplok
Oct 24 2009, 12:10 AM
Kmh kabarna tasik euy, lur? Calageur teu euy tina gempa? Duh..sing sabar we nya, lur
This is a "lo-fi" version of our main content. To view the full version with more information, formatting and images, please
click here.