Help - Search - Members - Calendar
Full Version: Bobodoran Sunda
BlueFame Forums: A Blue Alternative Community > BlueFame Community > BlueFame Localizations > Jawa Barat
Pages: 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7
Crowners
Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna


Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit...

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna.


LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif
Heil Cяew
hehehe.. naun siiih.. Tounge.gif
TheMuiz
naoonnn deui iyeu teh.........


eiger
wakakaka.... aya2 wae si akang ieu mah .. Applause.gif

mudah2an tong kaalaman hitut nu kaluar jeung bukur-bukur na .... LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif
Ricki Cahyadi doank
HAAHAHAHAHAA>>.........bukur???/keur sarapan isuk isuk...
harvan
naha teu ditambahan ku jalma anu sarakah,,,,,,,nyaeta jalma anu hitut kaluar jeung bukurna tuluy di asaan ku sorangan,,, LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif
apabisa
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kanu ngusep, ari nu kadua resep ngadengekeun dongeng... tah dongeng na kieu....
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kanu ngusep, ari nu kadua resep ngadengekeun dongeng... tah dongeng na kieu....
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kanu ngusep, ari nu kadua resep ngadengekeun dongeng... tah dongeng na kieu....
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kanu ngusep, ari nu kadua resep ngadengekeun dongeng... tah dongeng na kieu....
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kanu ngusep, ari nu kadua resep ngadengekeun dongeng... tah dongeng na kieu....
.................................................................................................................................................................

ah... iraha anggeusna???? .......... crying_anim.gif

saha nu bisa nganggeuskeun ieu dongeng???... cing tulungan..... !!!!!!!!!! crying_anim.gif
TheMuiz
HUdang euy sadaya....................



HUDANG>>>............................. Woi tong sare wae....
Demonic Seed
wah teuing ah jadi lieur aing mah.....
sang_kuriang
Ari sipat hitut mah kumaha nu dituangna, sarupaning boled atah, hui cilembu, kadu ngora, bongborosan, cau buruk, peundeuy, peuteuy jst (jeung sajaba ti eta) :

Sarerea kabeukina teu sarua ..... HARESE
Ki Tugino kabeuki sagala rupa .... PAMERE
Gado-gado toge atawa kalapa......DIDAGE
Beda beda kabeukina.....

Kitu geuning nya alooo...
sang_kuriang
Aya hiji raja, kabeukina gedang atah, nu atah we beuki, koomo mun nu asak, segut we lah....
Ganja Boy
Manawi gaduh boboran sunda, sok atuh post keun didieu

tah ieu hiji ti abdi


Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit...

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna...
ceps
Ngomong-ngomong soal hitut, aya hiji carita ....
Kang Asep jeung kang Emod ngadu hitut ....
Kang Asep: "Tah, dengekeun hitut aing !"
(Kang Asep ngebekem bujurna ku leungeun ....
Ajaib..... Pas leungeunna ngabekem bujur, kaluar sora hitut: COCA
Pas bekeman dibuka, kaluar sora: COLA, Nepi katilu kali kaluar sora hitutna: COCA COLA, COCA COLA, COCA COLA!

Ari Kang Emod embung eleh ....
Golosor calana dibuka
Diasupkeun curuk kana ... (punten) liang taina
Leuwih ajaib: kaluar sora hitut: SPRIIIIIIII...................................TE !!!!!!!

Hatur nuhun......
may day
ck ...... ck......ck........
ternyata abdi nggak bisa bahasa sunda
may day
nuhun ............... buat kang Ceps
maaf salah kamar
apache
Hiji mangsa Raja nu aya di tataran pasundan keur ngariung jeung budakna, eta raja boga budak dua..
budak nu kahiji resepna teh kana cau atah komo upami di pasihan cau asak, ari nu kadua resep kana gedang atah komo upami di pasihan gedang asak tos wae sakituna.
apache
Tukang Kai

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"
apache
Papatah Siaki

Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.

Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.

"A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !"
"Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.

"Teu sawios A...! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.

Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
"Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?"

"Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh 'Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !'"
Jovi007
Syarat nyandung / hayang kawin deui

Mang Ontohod geus rada lila rumah tanggana boga anak dua, hiji mangsa menta ijin ka pamajikanana rek kawin deui.

" Manehna, uing hayang kawin deui, kira-kira diijinan moal ? " ceuk Mang Ontohod hiji waktu.
" Atuh mangga teh teuing hoyong nikah deui mah, ku urang rek diijinan " jawab pamajikan Mang Ontohod.

Pohara bungahna Mang Ontohod pedah diijinan kawin deui.

" Hade ku urang diijinan ngan syaratna aya tilu " pamajikan Mang Ontohod neruskeun omonganan.
"Cik...cik....cik naon tah syarat na, bejakeun ka uing..." Mang Ontohod panasarn.

" Syarat ka hiji...anjeun kudu adil nafakah bathin jeung nafakah lahir " ceuk pamajikan Mang Ontohod
" Atuh eta mah gampil lah uing bisa adil rarasaan mah " Jawab Mang Ontohod enteng.
" Terus syarat nu kadua naon tah ?" Mang Ontohod semu teu sabar
" Syarat kadua...anjeun teh kudu mapan dina panghasilan supaya cukup keur biaya hirup " Pamajikan Mang Ontohod neruskeun.

" Atuh eta mah katinggali sorangan pan urang teh cukup sandang cukup pangan, bro di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah " Tembal Mang Ontohod gesit.
" Anu katilu...anu katilu naon syarat na tah ?" Mang Ontohod panasaran bari seseblakan.
" Syarat anu katilu ....... LANGKAHI DULU MAYATKU " Jawat pamajikan Mang Ontohod singkat.
Mang Ontohod : Loser.gif

Singkat carita pamajikan Mang Ontohod gering ripuh mulan malen. Jigana ninggali syareat mah bakal mulang ka asal di punut ku nu Rahayu.
Hiji poe pamajikan Mang Ontohod nyalukan Mang Ontohod
" Kang kadieu heula sakeudeung, abdi aya wasiat " pamajikan Mang Ontohod nyalukan salikina, dareuda.
" Aya naon manehna, sok geura tepikeun wasiatna " Ceuk Mang Ontohod.
" Bareto Akang menta ijin ka urang yen akang rek kawin deui " Pamajikan Mang Ontohod ngamimitian carita.
" Enya kitu tea mah uing teh hayang kawin deui, mung manehna jiga nu teu ngijinan, beurat syaratna teh gening" Ceuk Mang Ontohod.
" Ayeuna mah jig bae bisi Akang rek kawin deui mah, urang mah jigana moal panjang umur, batan kieu kaayaan awak teh, ...ngan aya syaratna opat rupa mun Akang rek kawin deui" ceuk pamajikan Mang Ontohod dareuda.
Mang Ontohod curinghak, ngadenge pamajikanan ngijinan kawin, " Sok atuh geura tepikan naon tah syarat-syarat na teh.
" Syarat ka hiji, mangga teh teuing akang kawin deui, saba'da na urang geus euwuh di alam dunya " Ceuk pamajikan Mang Ontohod, cipanon teu elat reumbay murukpuk.
" Muhun atuh akang oge moal tega, kawin deui salila anjeun hirup keneh mah, pan kitu lain hartina syarat anu katilu " LANGKAHI DULU MAYATKU baheula gening", terus naon syarat anu kaduana " Mang Ontohod neruskeun.
" syarat kadua, kade omat barudak piara sing bener ulah ka lali lali " Hujan cipanon pamajikan Mang Ontohod nambahan
" Ulah salempang masalah barudak mah manehna, sanajan engke di terekeun moal dugi ka ka lali lali" jawab mang Ontohod,
" Terus syarat anu katilu...upami Akang rek kawin deui, ulah di laksanakeun sapanjang kuburan uing baseuh keneh" Pamajikan Mang Ontohod nepikeun syarat anu katilu.
" Akang oge palebah eta mah boga pikiran, maenya kuburan pamajikan oge can garing-garing acan geus gura giru kawin deui " Ceuk Mang Ontohod.
" Terus syarat anu ka opat naon manehna ?" Mang Ontohod semu bungah, kabayang jaga manehna laluasa kawin deui. Mang Ontohod teh hiji type lalaki anu nurut jeung sien ku pamajikan. Manusia TAKUA ( Takut sama istri Tua )

" Syarat anu ka opat : kade Akang ulah poho unggal poe pang nyeborankeun kuburan uing ku cai " Ceuk pamajikan Mang Ontohod.

Mang Ontohod jero hate " Atuh moal garing-garing eta kuburan......iraha kawin na uing"
eoshicute
QUOTE
" Syarat anu ka opat : kade Akang ulah poho unggal poe pang nyeborankeun kuburan uing ku cai " Ceuk pamajikan Mang Ontohod.


LMAO.gif LMAO.gif LMAO.gif puguh syarat katilu ulah di laksanakeun sapanjang kuburanna baseuh keneh, ieu mah sarua wee LMAO.gif
apache
geus ari kalakuan pamajikan kitu mah ceborankeun wae atuh make cai kiih
AphroDitee
Hihihi baru baca.... Lucuuu LMAO.gif
AphroDitee
:lma: hihihihihihi
apabisa
pokona raja kudu boga anak dua lah nyukseskeun program KB.....
Vampire Bandung
-muiahahahaha- Sumpah Daek kasep saumur-umur.... PIKASEURIEUN! LMAO.gif
Vampire Bandung
-muahahahaa- BigGrin.gif pikaseurieun euy... seip lah jang... hancakeun...
yoshiki
wakakakakak


alus carita na
TheMuiz
satuju ki..........................


hapunten di tambut kamarna sakalian LMAO.gif
46035
alah kang iyeu bobodoran teh kumah asih.....he'eh bener ceuk mang ontohod moal jadi jadi atuh kawin teh mun kuburana baseh waeu mah:)).....

nya intina mah si pamajikan Teh teu ngijinan weuh......
aduh karunya nasib mang ontohod.....bwuakakakakak


seep kang resep la hade lah bobodoran te
Jovi007
Muhun karunya emang kang Mang Ontohod teh, boro-boro di pangnyandungkeun tos tilar dunya ge maaasssiiiih ulah kawin.
sahaweatuh
hehehe teu puguh tapi lucu hehehe Tounge.gif
suxme4free
Mangsa Hiji Waktos simkuring nyaba ka Hiji Pakampungan...
belah wetaneun manon jaya tasik...

pas kalereusan simkuring dongkap dinteun malam jum'at kliwon tos magrib deuih...
Rada muringkak bulu punduk geuning..da eta kampung teh kacida sepi jeung rada angker.. Praying.gif

hiji mangsa teungah peuting jam setengah dua belasan...kaleureusan simkuring teuh tos teu kiat hoyong miceun (buang air besar,-Red)
kulantaran simkuring mah tukang ngaroko...nyak atuh simkuringteuh kakaratak milarian Rokok...tapi geuning teu aya.ngan tinggal bungkusna hungkul...

kaleresan genuing nyak da ari di kampung mah tos tradisi...mun dinteu malam jum'at mah sok loba keneh nu nyugu(sasajeun,-red)

nyak indit weh kuring teu ka sisi walungan...kaleureusan aya astana geuning di dinya teuh...
ah nyak kuring teu ngawani wani maneh weh da patuangan tos teu kiat

ah da tos teu kiat hoyong micen simkuring teuh..nyak kapaksa weh Curutu nu aya dina sasajeun teh di udud ku simkuring.
bari setengah poek nyak ku kuringteuh di sundut eta curutu teh...bari cingogo ngaluarkeun amunisi...heheheh
teu kahaja aya menyan nu nempel dina eta curutu teu...bari kabeuleum deuih eta curutu teh....atuh sengit menyan kamana mana...

teu lami simkuring nyedot eta curutu teuh..ngadadak angin sing sareak...tatangkalan ciga nu ngagupayan...
Sponttan weh ..bulu punduk teuh ngaburingkak....narangtung

ASTAGFIRRULLAH AL' ADZIM.....!!!! Hypnotized.gif bari setengan hayang pingsan .... crying_anim.gif
Aya hiji mahluk nu teu puguh rupa ngadatangan simkuring....
Kesang Tiis awak...ngadaregdeg ninggali eta mahluk halus teuh....
biwir asa berat...
awak asa barerat....bingung ..rek lumpat da can Ombeh/ cecewok...

tah eta si mahluk halus teu nyetak ka simkurung bari ngambek...kieu cunah pok na...
" Rek modol mah atuh teu kudu ngondang Aing atuh euy..." Devil.gif
bari indit ..bari kukulutus

heheh oh rupana simkuring nyundut curutu jeng menyan teuh disangkana ngondang manehna meureun nyak....
Laughing.gif LMAO.gif
Heil Cяew
urang teu ngarti iyeu maksudna naun sih?
zoerikin
Upami tiasa nyerat basa sundana sing tarapti, ku sim kuring bade di koreksi, mudah-mudahan janten kasaean

Belah wetaneun --> Beulah wetaneun (belah mah basa Indonesia)
kalereusan --> kaleresan
teungah --> tengah
bulu punduk ngaburingkak --> muringkak

mudah-mudahan katampi
eoshicute
hwakakakak haha.gif LMAO.gif belegug eta lelembut teh :haha;
suxme4free
QUOTE(eoshicute @ Jun 29 2007, 01:02 PM) [snapback]478914[/snapback]
hwakakakak haha.gif LMAO.gif belegug eta lelembut teh :haha;


Ari nu ngarti jeng pinter mah pasti seuri...
BRookLyN
LMAO.gif urang ngarti iyeu maksudna naon...bodor pisan LMAO.gif
kutahu
LMAO.gif LMAO.gif
saeutik2 abdi ngartos yeuH....
rek modol kok ngundang2 dedemit Laughing.gif
eta menyan teu kahaja ngundang
aya2 wae rokok sesajen maen embt wae
LMAO.gif LMAO.gif
pearl
kakara seuri nepi ka kaluar cai panon............sumpah daek benghar haaaaaaaaaaaaaaahaaaaaaaaaaaaaha......
pearl
baraya sadayana apal teu asal muasalna dawegan ...?



cenah mah jaman breto jaman kolonial meuren siganamah aya inlander
hayang kalapa ngora trus nitah naek k pagawenateh...ari si pagawe rada2x belegug
maklum can aya sakola...trus nanya ?
kumaha meneer ngalana?
jeung tangkalna ge meni luhur kitu?
tangkal naon deui ieu teh? pokna teh

meneer : dasar ...do with gun..
pagawe : ohhh ieu teh tangkal dawegan mereun da ceuk si meneer oge kitu bieu teh

tah jadi kitu braya asal muasal dawegan teh,jadi lain bangsa urang nu ngaranan panghelanamah.
saha nu nyaho..
nadya.cutee
LUCU...............LUCU.............dapet drmana cerita itu??????
mangnya pas zaman kol dulu lo dah lahir....
nadya.cutee
garing.....................
Sacred Intrigue
Hahaha... LMAO.gif LMAO.gif Hade bobodiran teh. Abdi ngakak teu eureun-euren... Sok atuh lajeungkeun kang.
Sacred Intrigue
Aduh, ampunn... Seuri ngakak di ruangan kantor sorangan jiga nu teu waras yeuh... Nuhun ah post-na. Hade hate pisan...
Sacred Intrigue
Alus kang, hatur nuhun...
prapanca
Sok ah geura hararitut
Crowners
Lamun dina bahasa jawa mah Dawegan teh = The Gun
Jovi007
Cenah ceuk sakaol jaman Walanda, di palabuan, awak kapal nurunkeun barang ti kapal di alung-alungkeun, di handap aya nu nyanggap, Catch up....!, catch....up!! ( hartina mah tangkap....tangkap...!!!) salah sahiji barang teu kasanggap...rag-rag aya nu peupeus...guprak..beulah....eusina ngabayabah....katempoeun ku urang pribumi oooh....si horeng nu kieu teh KECAP gening ngarana teh. Tah kitu cenah sasakala "KECAP" teh. Bener henteuna mah duka teuing, uing can lahir mangsa harita.
lemparmangga
Emang meneer nyariosna ngangge basa inggris nya?
suganteh ngangge basa walanda....
rasta_asik
basa si cepot di titah noong kana jero kubur anu maksudna supaya apal kumaha ka ayaan jalma keur di siksa dina jeuro kubur, pek na eta si cepot nyieun liang pikeun noong kana eta kubur pas noong kana kubur pek teh malaikat nyarekan ka si cepot kiyeu basana teh: melong aying na ari sia euweuh pagawean deui. eta si cepot langsung reuwas da di carekan malaikat. tah ngan sakitu hampura tina sagalan pikeun sadaya urang sunda.
This is a "lo-fi" version of our main content. To view the full version with more information, formatting and images, please click here.