Ngaran kuring Otong. Kungsi ngalaman heula asup sakola, ngan kandeg tepi ka kelas tilu esde. Boga adi dua, laleutik keneh.
Hujan beuki ngagebret, kuring kapahung di halteu pamegatan beus kota, ngadon ngiuhan. Sedang waktu geus nunjukkeun pukul satengah tujuh peuting, da basa balik ti kampus teh geus pukul lima sore. Dina pangdiukan anu dijieun tina tembokan teh ukur aya kuring kadua budak lalaki umur sapuluh taun. Ngaranna Otong, tukang ngamen.
"Aa gaduh bumi …?" Otong nanya.
Kuring ngareret ka lebah beungeut nu nanya, breh katempo paroman Otong bangun pikawatireun. Hujan angger ngagebret. Di jalan, teu pati loba teuing kandaraan nu lalar liwat. Da jalan anu keur disanghareupan ku kuring mah lain jalan protokol, jadi teu pati pasuliwer teuing ku kandaraan.
"Boga," tembal teh pondok.
Otong maledogkeun paneuteupna ka jomantara, bangun nu jareuh pani-neungan.
"Ari otong?" kuring malik nanya.
Memeh ngajawab, Otong malikeun heula paneuteupna kana beungeut kuring. "Tara bocor upami hujan ngagebret teh, nya?" pokna, kalah malik nanya. Pinuh ku kayakinan.
Kuring gideug.
Otong teu ngomong deui, diukna beuki murungkut. Kadua sakuna ditangkeup ku dua leungeunna.
Ngaran kuring Otong. Kungsi ngalaman asup sakola, ngan kandeg di kelas tilu esde. Boga adi dua, laleutik keneh.
Kuring jadi panasaran, hayang leuwih nyaho ngeunaan diri Otong, Sanajan hujan geus rada raat ge kuring teu ingkah ti halteu beus kota, sedeng poe beuki peuting.
"Aa hoyong peremen …?" Otong ngasongkeun peremen sabaraha hiji dina dampal leungeun katuhuna.
Kuring teu gasik nampanan, peremen teh ngadon diteuteup imeut. Aya keneh geuning jelema nu diancikan ku rasa sapapait di ieu kota teh? Sanajan ngancikna di caurang tukang ngamen, nu kakara wawuh tadi sore di ieu halteu. Ceuk hate kuring.
Otong ngasupkeun deui sesa peremen kana saku calanana sanggeus kuring nyokot hiji.
"Aa masih keneh sakola?" pikeun ka sakitu kalina Otong tumanya.
"Kuliah keneh, semester dua."
"Resep tur bagja panginten, nya?"
"Resep naonana, Tong?" kuring malik nanya, ngarasa panasaran kana maksud pananya Otong.
Otong ngagayem heula peremenna, laju diteureuy bangun nu ngeunah. "Tiasa sakola ka paguron luhur, bari jeung hirup kari make. Teu siga Otong, sanajan Bapa mampuh keneh usaha tapi teu cukup keur nyumponan kabutuh. Bapa Otong pagaweanana mulungan runtah palastik, ari Ema sarua kuring. Jajaluk!" ngomongna eureun, kadua panonna nyawang ka jomantara.
"Naha Otong teu kungsi protes ka nu jadi Bapa?" kuring beuki kataji ku caritaan Otong.
"Protes? Asa taya gunana protes oge, jalan hirup nu keur dilengkahan ku Otong merlukeun tanggung jawab. Otong ngarasa boga tanggung jawab pikeun kertahankeun hirup sorangan katut kadua adi, tanda mulang tarima ka kolot nu geus ngagelarkeun Otong ka ieu alam."
Ngaran kuring Otong.
Kungsi ngalaman heula asup sakola, ngan kandeg di kelas tilu esde. Boga adi dua, laleutik keneg.
"Naha Otong moal mulang ka imah?"
"Teu perlu mulang, di mana Otong cicing di dinya imah Otong …"
"Ari ema, bapa jeung kadua adi?" tempas teh.
"Di sisi walungan Cikapundung,"
"Mun hujan atawa banjir?" kuring beuki panasaran.
"Mun pareng hujan, sok ngadon sare di kilong sasak. Ari banjir mah sare teh pindah ka emper toko,"
Otong ngomongna angger tatag, siga nu teu ngarasa sedih atawa aral ngalakonan nasib sarupa kitu.
Peutung beuki simpe, hujan kari prasprisna. Di jalan kari hiji dua kandaraan nu ngaliwat, paselang jeung beca.
"Naha Otong teu hayang hirup senang siga batur?"
"Siga pajabat nu didarasi, A?"
Kuring tibang seuri leutik. Teu gideug, teu unggeuk.
"Bagja, Otong geus ngarasa bagja dipasihan keneh umur ku Pangeran ge. Otong teu ngarasa aral atawa sirik ku kahruoan batur. Pan hirup mah teu weleh papasangan. Aya nu beunghar aya nu miskin. Nya Otong pisananu kanagean jadi jelema miskin, ditarimakeun ku hate anu rido iklas ieu gurat hirup ti Pangeran teh," ceuk Otong panjang lebar.
Kuring bet jadi inget kana laku lampah sorongan, lampah anu jauh pisan narimakeun kana sagala rupa anu katarima. Boh nu datang ti kolot, atawa di Pangeran. Enya, ceuk Otong mah hirup kuring teh senang. Sagala kahayang kari menta, sagala kaperluan kari make, bari sakola nepi ka pagurn luhur. Tapi naha Otong surti kitu kana eusi hate kuring? Nu salawasna ngarasa kurang, nu sok ngalawan kana sakabeh papagah kolot.
Ngaran kuring Otong.
Kungsi ngalaman sakola, ngan kandeg di kelas tilu esde. Boga adi dua laleutik keneh.
"Ari Aa moal uih?"
Kuring ngarenjag ku sora pananya kitu teh, sabab bieu ngadon rada lila ngalamun. "Kapalang mulang ge, Tong!" cekeng teh.
"Pan enjing kdah sakola deui panginten, nya?" Otong ngingetan.
Emh, naha atuh perhatian somodel kitu teh datangna bet ti Otong. Lain ti Mamah, Papah atawa Yulia? Hate kuring tigerat nu kanyaah jeung perhatian ti kolot, sanajan duit mah teu weleh cukup. Yulia, horeng anjeun teh ukur butuh kasenangan wungkul, da geuning hate kuring mah teu kungsi kasaba ku kanyaah ti anjeun, ku perhatian ti anjeun. Deui-deui kuring ngocoblak-sorongan.
"Ari Otong diajar jampe hirup ku saha?"
"Alam, jeung kahirupan nu muter ti waktu ka waktu, jawabna tandes. Jalan hotmik nu herang ku cihujan teh mun pareng kasbrot ku lampu kandaraan nu ngaliwat mantulkeun cahaya, katempona serab. Kuring masih keneh diuk. Otong masih keneh nangkeup tuur. Hujan geus raat. Jam tangan geus nunjukkeun pukul sapuluh peuting.
Sabot kuring anteng dina implengan nu keur ngambah jomantara, Otong ngadon ngagoler dina pangdiukan. Morongkol latirisan, kekecrek nu diijieun tinda sababaraha hiji tutup botol ditangkeup dina dadana, nu kancing bajuna geus euweuhan. Hawa peuting beuki tiis. Kuring ngalaan jaket laju disimbutkeun kana awak Otong, nu keur sare tibra.
Ngaran kuring Otong.
Kungsi ngalaman heula asup sakola, ngan kandeg di kelas tilu esde. Boga adi dua, laleutik keneh.***
Kota Kembang, 1998