Help - Search - Members - Calendar
Full Version: Pantun
BlueFame Forums: A Blue Alternative Community > BlueFame Community > BlueFame Localizations > Jawa Barat
Demonic Seed
"Ngadegna Dayeuh Pajajaran"

Tah di dinya, ku andika adegkeun eta dayeuh
laju ngaranan Bogor
sabab bogor teh hartina tunggul kawung

Ari tunggul kawung
emang ge euweuh hartina
euweuh soteh ceuk nu teu ngarti

Ari sababna, ngaran mudu Bogor
sabab bogor mah dijieun suluh teu daek hurung
teu melepes tapi ngelun
haseupna teu mahi dipake muput

Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu
kuat milangan mangsa

Amun kadupak
matak borok nu ngadupakna
moalgeuwat cageur tah inyana

Amun katajong?
mantak bohak nu najongna
moal geuwat waras tah cokorna

Tapi, amun dijieun kekesed?
sing nyaraho
isukan jaga pageto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngawarah si calutak

Tah kitu!
ngaranan ku andika eta dayeuh
Dayeuh Bogor!

==== tong hilap kana sajarah sunda ====

pasundan lemah cai urang...

UnderCover
sumuhun tong hilap ka lemah cai........
sang_kuriang
Masih emut keneh kana kawih baheula ?, diantawisna MAGATRU kieu geura :

Irung mancung, dieuntuepan laleur tilu
Ditepak-tepak teu beunang
Euntuep dina biwir jebleh
Huntu tonggar, dieuntuepan bango butak....

Peuyeum sampeu, buatan ti Rancapurut.... sok teraskeun aloo...
Jin_13
hatur nuhun kang... diantosan anu sanesna...
hatur nuhun
This is a "lo-fi" version of our main content. To view the full version with more information, formatting and images, please click here.