Help - Search - Members - Calendar
Full Version: inget pas keur SD
BlueFame Forums: A Blue Alternative Community > BlueFame Community > BlueFame Localizations > Jawa Barat
phig
abdi kangen pisan ka sakola SD teh, inget ka masa-masa endaaaaahh..
komo pas ngangge acuk pramuka mah..
pas mimiti naksir ka istri...
jaman SD emang jaman bahagea
Crowners
Ari sayah mah masa SMA nu paling endah pisan

Soalna keur puncak2na beger euy....
Heil Cяew
walah ari maneh... SD geus bobogohan.. haha.gif
ari urang mah bobogohanna pas kuliah.. SD mah keur lutu-lutuna..

ndak mudeng ini bu.. Doh.gif
sang_kuriang
QUOTE(BF Crew @ Apr 13 2007, 07:51 AM) [snapback]352736[/snapback]
walah ari maneh... SD geus bobogohan.. haha.gif
ari urang mah bobogohanna pas kuliah.. SD mah keur lutu-lutuna..

ndak mudeng ini bu.. Doh.gif


Enya loo... da amang mah keur SR (lain SD baheula mah), geus kelas genep teh masih keneh sok tataranjang mandi bareng di walungan, teu aya sir-sir na acan, memang asa wararaas teh nya looo...
masochis
abdi mah keur sd mah isin keneh kana awewe
jadi teu boga kabogoh
padahal seeur nu resep ka abdi
kumahanya atuh...
nyesel oge abdi
eoshicute
@masochis
hohoho mani pd kitu aa BigGrin.gif

mun abdi mah ti sd nepika ayeuna angger bageur BigGrin.gif tara pernah 'nanaonan' lah smile.gif hohoho

mun inget sd inget kaulinan boy-boyan, gatrik BigGrin.gif aya nu pernah ulin teu? ngeus kitu ulin langlayangan, nepi ka baturan urang kasurupan da ulin langlayangan sabari ccing di handap pohon bambu LMAO.gif

duhh jadi kangen euy
apache
Allaaaah enya ari kitu mah, da ari abdi SD oge mung dugikeun kelas tilu
MsTrouBLe
Jaman SD.. kela kela.. di emut2 heula.

Jaman keur jalingkak2 na.. preman haha.gif

Kaulinan maen kaleci, boy2an, sorodot gaplok, galah jidar, sondlah ( leres teu nyerat na nya? ), ucing sumput, kasti jeung sajaba na.

Asa endah mun inget jaman keur SD. Komo mun pas hari kartini.. di kabaya + sangguL badag
make kabaya tapi lulumpatan wae, untung teu morosot samping na haha.gif LMAO.gif
jack johnson
Pas SD uiang mah loba anu mikanyaah euy.... komo Guru uing mah. nepi ka betah di SD 8 taun sabab loba guru anu mikanyaah... hehehe nostalgia...
AphroDitee
Uluh jaman SD teh harita kieu caritana... Thinking.gif
Abdi ti kelas hiji tepi ka kelas genep calikna pasti di pangpayun na.
Jadi rengking teh rengking hiji wae... paling goreng rengking dua. Salian ti eta mamih teh da guru SD na jadi disayang pisan LMAO.gif teu nyambung ah...
Jaman SD abdi sudah mengenal cinta, tapi pas kelas genep da... bogoh ka guru olah raga... halah era euy... wub.gif
Ameng mah biasa wee... harita mah masih seueur keneh sawah, jadi ulin teh ka sawah, botram, maenan na mah jiga Sis @msTrouble... sami persis.

Ari urang teh ngomong naon nya? Silly.gif
Sacred Intrigue
Alah eta... Boy-boyan... Jadi kaemutan.
tyan
arapal gatrik teu euy???
tah eta mah resep pisan.
komo mun pas dibaledogkeun kana beugeut batur mah.

wah mun keur sd mah pain ulin teh ngojay jeung ngurek.
rame teh mun ngurek,................
soalna sok meunang sakarung.
lain belut nu sakarung teh.
tapi pare,......................
he he he
z å ÿ
Drooling.gif Drooling.gif asa hoyong uih deui ka SD euy!! LMAO.gif LMAO.gif
eiger
upami abdi mah kapungkur teu ngalaman lebet ka CD ehh.. SD .. abdi mah langsung wae ka SMA .. eta oge bari geus kumisan .. haha.gif
mx_777
Asa kakara kamari lulus SD teh...teu karaos...
tapi emang sok kapikiran hoyong balik deui ka jaman SD...

Aya nu gaduh MESIN WAKTU..???
kecu98
Kabayang nya jaman SD/
Disakolaan maen kaleci, ucing-ucingan, susumputam, boy-boyan, galasin, bebentengan JSJ (jeung Sa Jabana)
Paling resep mun ngurek, terus ngocay di wahangan bari tatalanjang.
Komo deui mun disakola nyingsat-nyingsatkeun anderok awewe.
Iraha deui nya lur bisa kitu
mojapie
halahhhh SD, uing keur ololeho keneh hehehhehe
This is a "lo-fi" version of our main content. To view the full version with more information, formatting and images, please click here.